MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SD KELOMPOK KOMPETENSI H

Please download to get full document.

View again

of 122
51 views
All materials on our website are shared by users. If you have any questions about copyright issues, please report us to resolve them. We are always happy to assist you.

Download

Document Related
Document Description
KODE MAPEL: 748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SD KELOMPOK KOMPETENSI H PEDAGOGIK: Penileyan Pangajaran Basa Sunda Jeung Sastra Sunda PROFESIONAL: Aksara Sunda, Carita Pondok, Jeung Guguritan
Document Share
Document Transcript
KODE MAPEL: 748GD000 MODUL GURU PEMBELAJAR BAHASA SUNDA SD KELOMPOK KOMPETENSI H PEDAGOGIK: Penileyan Pangajaran Basa Sunda Jeung Sastra Sunda PROFESIONAL: Aksara Sunda, Carita Pondok, Jeung Guguritan Penulis: 1. Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum.; ; 2. Dr. Hj. Nunuy Nurjanah,M.Pd.; ; Penelaah: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Ilustrator: Yayan Yanuar Rahman, S.Pd., M.Ed.; Cetakan Pertama, 2016 Copyright Pusat Pengembangan dan Pemberdayaan Pendidik dan Tenaga Kependidikan Bidang Taman Kanak-kanak & Pendidikan Luar Biasa, Direktorat Jenderal Guru dan Tenaga Kependidikan Hak cipta dilindungi Undang-undang Dilarang mengcopy sebagian atau keseluruhan isi buku ini untuk kepentingan komersial tanpa izin tertulis dari Kementerian Pendidikan Kebudayaan. i ii 2015 KATA SAMBUTAN Peran Guru Profesional dalam proses pembelajaran sangat penting sebagai kunci keberhasilan belajar siswa. Guru profesional adalah guru yang kompeten membangun proses pembelajaran yang baik sehingga dapat menghasilkan pendidikan yang berkualitas. Hal tersebut menjadikan guru sebagai komponen yang menjadi fokus perhatian pemerintah pusat maupun pemerintah daerah dalam peningkatan mutu pendidikan terutama menyangkut kompetensi guru. Pengembangan profesionalitas guru melalui program Guru Pembelajar merupakan upaya peningkatan kompetensi untuk semua guru. Sejalan dengan hal tersebut, pemetaan kompetensi guru telah dilakukan melalui uji kompetensi guru (UKG) untuk kompetensi pedagogik dan profesional pada akhir tahun Hasil UKG menunjukkan peta kekuatan dan kelemahan kompetensi guru dalam penguasaan pengetahuan. Peta kompetensi guru tersebut dikelompokkan menjadi 10 (sepuluh) kelompok kompetensi. Tindak lanjut pelaksanaan UKG diwujudkan dalam bentuk pelatihan guru paska UKG melalui program Guru Pembelajar. Tujuannya untuk meningkatkan kompetensi guru sebagai agen perubahan dan sumber belajar utama bagi peserta didik. Program Guru Pembelajar dilaksanakan melalui pola tatap muka, daring (online), dan campuran (blended) tatap muka dengan online. Pusat Pengembangan dan Pemberdayaan Pendidik dan Tenaga Kependidikan (PPPPTK), Lembaga Pengembangan dan Pemberdayaan Pendidik dan Tenaga Kependidikan Kelautan Perikanan Teknologi Informasi dan Komunikasi (LP3TK KPTK), dan Lembaga Pengembangan dan Pemberdayaan Kepala Sekolah (LP2KS) merupakan Unit Pelaksana Teknis di lingkungan Direktorat Jenderal Guru dan Tenaga Kependidikan yang bertanggung jawab dalam mengembangkan perangkat dan melaksanakan peningkatan kompetensi guru sesuai bidangnya. Adapun perangkat pembelajaran yang dikembangkan tersebut adalah modul untuk program Guru Pembelajar tatap muka dan Guru Pembelajar daring untuk semua mata pelajaran dan kelompok kompetensi. Dengan modul ini diharapkan program Guru Pembelajar memberikan sumbangan yang sangat besar dalam peningkatan kualitas kompetensi guru. Mari kita sukseskan program Guru Pembelajar ini untuk mewujudkan Guru Mulia Karena Karya. iii iv KATA PENGANTAR Kebijakan Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan dalam meningkatkan kompetensi guru secara berkelanjutan, diawali dengan pelaksanaan Uji Kompetensi Guru dan ditindaklanjuti dengan Program Guru Pembelajar jenjang SD, SMP, SLB, SMA, dan SMK. Untuk memenuhi kebutuhan bahan ajar kegiatan tersebut, Pusat Pengembangan dan Pemberdayaan Pendidik dan Tenaga Kependidikan Taman Kanak-Kanak dan Pendidikan Luar Biasa (PPPPTK TK dan PLB), telah mengembangkan Modul Guru Pembelajar Bahasa Sunda jenjang SD, SMP, SLB, SMA, dan SMK. Kurikulum Guru Pembelajar Bahasa Sunda ini dirancang berdasarkan Peraturan Menteri Pendidikan Nasional Nomor 16 Tahun 2007 tentang Standar Kualifikasi Akademik dan Kompetensi Guru, Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013 tentang Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Satuan Pendidikan Dasar dan Menengah, serta Permendikbud No. 79 Tahun 2014 tentang Muatan Lokal Kurikulum Kedalaman materi dan pemetaan kompetensi dalam modul ini disusun menjadi sepuluh kelompok kompetensi. Setiap modul meliputi pengembangan materi kompetensi pedagogik dan profesional bagi guru Bahasa Sunda. Subtansi modul ini diharapkan dapat memberikan referensi, motivasi, dan inspirasi bagi peserta dalam mengeksplorasi dan mendalami kompetensi pedagogik dan profesional guru Bahasa Sunda. Kami berharap modul yang disusun ini dapat menjadi bahan rujukan utama dalam pelaksanaan Guru Pembelajar Bahasa Sunda. Untuk pengayaan materi, peserta disarankan untuk menggunakan referensi lain yang relevan. Kami mengucapkan terimakasih kepada semua pihak yang telah berperan aktif dalam penyusunan modul ini. Bandung, Februari 2016 Kepala, Drs. Sam Yhon, M.M. NIP v vi DAFTAR EUSI KATA SAMBUTAN... iii KATA PENGANTAR... v DAFTAR EUSI... vii DAFTAR TABEL... xi DAFTAR BAGAN... xii BUBUKA... 1 A. Kasang Tukang... 1 B. Tujuan... 2 C. Péta Kompeténsi... 3 D. Ambahan Matéri... 3 É. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar... 4 KOMPETENSI PEDAGOGIK:... 5 KAGIATAN DIAJAR 1 PRINSIP-PRINSIP PENILÉYAN OTÉNTIK... 7 A. Tujuan... 7 B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar... 7 C. Pedaran Matéri... 7 D. Kagiatan Diajar E. Latihan/ Kasus /Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR PENILÉYAN PROSÉS DINA PANGAJARAN BASA A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar D. Kagiatan Diajar É. Latihan/ Kasus /Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR PENILÉYAN HASIL DINA PANGAJARAN BASA SUNDA vii A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar É. Latihan/ Kasus /Pancén F. Tingeksan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR PROSÉDUR PENILÉYAN DINA PANGAJARAN BASA SUNDA A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kagiatan Diajar C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR INSTRUMÉN PENILÉYAN A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR NGOLAH HASIL PENILÉYAN A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Hasil Diajar C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar viii E. Latihan/ Kasus /Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR PRAKTEK PENILÉYAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA A. Tujuan B. Indikator Hontalan Hasil Diajar C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR Hasil Peniléyan pikeun Nangtukeun KKM A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KOMPETENSI PROFESIONAL: KAGIATAN DIAJAR AKSARA SUNDA A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR WANGUN JEUNG STRUKTUR CARITA PONDOK ix A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KAGIATAN DIAJAR 11 WANGUN JEUNG STRUKTUR GUGURITAN A. Tujuan B. Indikator Kahontalna Kompeténsi C. Pedaran Matéri D. Kagiatan Diajar E. Latihan/ Kasus /Tugas Pancén F. Tingkesan G. Uji Balik jeung Lajuning Laku KONCI JAWABAN LATIHAN KAGIATAN DIAJAR EVALUASI PANUTUP DAFTAR PUSTAKA GLOSARIUM x DAFTAR TABEL Tabel 1.1 Lembar Peniléyan Siswa Tabel 1.2 Kritéria Peniléyan Tabel 4.1 Sasaran Peniléyan Hasil Diajar Tabel 4.2 Peniléyan Tés Nyarita Tabel 4.3 Tahapan Kamampuh Maham Bacaan Tabel 4.4 Kisi-kisi Tés Kamampuh Maca Lanjut Tabel 4.5 Wincikan Kamampuh Maham Bacaan Tabel 4.6 Wincikan Kamampuh Nulis Tabel 5.1 Conto Kisi-kisi Peniléyan Portofolio Tabel 5.2 Kecap Pagawéan Operasional Ranah Kognitif Tabel 5.3 Kecap Pagawéan Operasional Ranah Aféktif Tabel 5. 4 Kecap Pagawéan Operasional Ranah Pskomotor Tabel 5. 5 Conto matriks kisi-kisi Peniléyan Seméster Tabel 5. 6 Conto Kisi-kisi Peniléyan Kaweruh Tabel 6.1 Peniléyan Kamampuh Ngagunakeun Basa Sunda Tabel 6.2 Modél Peniléyan Tugas Nyarita Tabel 6.3 Modél Peniléyan Tugas Nulis ku Skala Tabel 6.4 Modél Peniléyan Tugas Nulis Maké Bobot Unsur Kamampuh Nulis Tabel 6.5 Modél Peniléyan Kamampuh Maca Tabel 6.6 Ngitung Skor ku Sistem Bobot Tabel 6.7 Ngitung Skor ku Sistem Bobot Tabel 7.1 Pedoman Peniléyan Prosés Diajar Siswa Tabel 7.2 Pedoman Peniléyan Ngajar Guru Tabel 7.3 Indikator Kagiatan dalam Kerja Kelompok Tabel 8.1 Format Nganiléy KKM Tabel 8.2 Katuntasan Diajar Tabel 8.3 Konvérsi Peunteun Tabel 8.4 Conto KKM dina KTSP Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda Tabel 8.5 Kriteria Niléy KKM Tabel 8.6 Rentang Niléy KKM Tabel 8.7 Kriteria Nangtukeun Niléy KKM Tabel 8.8 Conto KKM Nyarita Tabel 9.1 Tanda Vokalisasi di Luhureun Aksara Dasar Tabel 9.2 Tanda Vokalisasi di handapeun Aksara Dasar Tabel 9.3 Tanda Vokalisasi sajajar jeung Aksara Dasar Tabel10.1 Wanda Tokoh Tabel 11.1 Babandingan Guguritan jeung Wawacan xi DAFTAR BAGAN Bagan 9. 1 Sarsilah Aksara Sunda Bagan 10.1Unsur Instrinsik Prosa Fiksi xii BUBUKA A. Kasang Tukang Évaluasi pangajaran téh kaasup salasahiji komponén tina genep komponén sistem pangajaran. Lima komponén séjénna nyaéta tujuan pangajaran, kurikulum jeung Matéri ajar, guru jeung siswa, métodeu pangajaran, sarta média jeung sumber diajar. Évaluasi pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina trisula atikan, dua komponén trisula atikan séjénna nyaéta ngararancang jeung pelaksanaan atikan. Minangka salasahiji komponén pangajaran, peniléyan pangajaran ditujulkeun pikeun meunteun jeung ngukur tahap kahontalna tujuan pangajaran anu geus ditarékahan ngaliwatan prosés pangajaran. Tina évaluasi atawa peniléyan dipiharep bisa meunang wawaran anu bisa dipercaya ngeunaan hasil pangajaran, utamana mah tahap ngawasa jeung kamampuh pamilon atikan (siswa) dina widang nu diulikna. Ku jalan museurkeun kana tahap hasil diajar siswa dina wangun peunteun (niléy) nu dicangking ku pamilon atikan, komponén évaluasi pangajaran bisa méré wawaran ngeunaan segi séjén saperti kasaluyuan tujuan pangajaran, kualitas lumangsungna pangajaran, kasaluyuan Matéri nu diajarkeun, jeung kualitas instrumén nu dipaké pikeun ngayakeun évaluasi pangajaran. Dina peniléyan aya kagiatan meunteun atawa ngajén hiji obyék dumasar kritéria nu geus tangtu. Pikeun nangtukeun niléy atawa harga hiji obyék diperlukeun ayana ukuran atawa kritéria. Peniléyan atikan ngawengku tilu sasaran utama nyaéta program atikan, prosés diajar ngajar, jeung hasil-hasil diajar. Wengkuan évaluasi pangajaran téh nyoko kana téhnik peniléyan, wangun peniléyan, jeung instrumén peniléyan. Évaluasi nu sok disaruakeun jeung peniléyan mindeng dipatalikeun kana istilah pengukuran. Pengukuran téh mangrupa tarékah pikeun ngadadarkeun hiji perkara sacara kuantitatif luyu jeung hakékat katut sipat barang anu diukur, upamana waé, méter keur ngukur panjang. Dadaran kuantitatif kalawan nyata 1 dilaksanakeun ku ngukur hasilna nu bisa dipaké Matéri keur peniléyan atawa assesment. B. Tujuan Tujuan ieu Kagiatan Diajar téh pikeun mekelan guru dina mekarkeun opat hal, nyaéta: 1. évaluasi pangajaran basa jeung sastra Sunda; 2. maca jeung nulis aksara Sunda; 3. wangun jeung unsur intrinsik carpon; sarta 4. wangun jeung unsur guguritan. Sacara husus unggal guru dipiharep mampuh dina sabelas hal, nyaéta: (1) prinsip peniléyan oténtik; (2) peniléyan prosés dina pangajaran basa Sunda; (3) peniléyan hasil dina pangajaran basa Sunda; (4) prosédur peniléyan dina pangajaran basa Sunda; (5) nyusun instrumén peniléyan kompeténsi (sikep, pangaweruh, kaparigelan); (6) ngolah hasil peniléyan; (7) prakték peniléyan; (8) peniléyan pikeun nangtukeun KKM; (9) maca jeung nulis aksara Sunda; (10) wangun jeung struktur carpon; sarta (11) wangun jeung struktur guguritan. 2 C. Péta Kompeténsi Péta Kompetensi Kagiatan Diajar Guru Pembelajaran Basa Sunda Tahap H 4. Prosédur Peniléyan 8. KKM 3. Peniléyan Hasil 7. Prakték Peniléyan 2. Peniléyan Prosés 6. Ngolah Hasil Peniléyan 1. Prinsip Peniléyan Oténtik 5. Intrumén Peniléyan Kompeténsi Pédagogik Nyangkem jeung mampuh mekarkeun peniléyan jeung évaluasi prosés jeung hasil diajar Kompeténsi Profésional Nyangkem matéri, struktur, jeung pola pikir paélmuan dina pangajaran basa Sunda 9. Aksara Sunda 10. Carita Pondok 11. Guguritan D. Ambahan Matéri Matéri anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Grade H nyoko kana Matéri peniléyan pangajaran basa jeung sastra Sunda, aprésiasi carpon, jeung aksara Sunda. Ari pidanganana diwangun ku 11 Kagiatan Diajar saperti ieu di handap. Kagiatan Diajar I : Medar prinsip-prinsip peniléyan oténtik. Kagiatan Diajar II : Medar peniléyan prosés dina pangajaran basa sunda. Kagiatan Diajar III : Medar peniléyan hasil dina pangajaran basa sunda. Kagiatan Diajar IV : Medar prosédur peniléyan dina pangajaran basa sunda. Kagiatan Diajar V : Medar cara nyusun instrumén peniléyan Kagiatan Diajar VI : Medar cara ngolah hasil peniléyan basa sunda. Kagiatan Diajar VII : Medar prakték peniléyan basa sunda. Kagiatan Diajar VIII: Medar cara nangtukeun KKM basa sunda. Kagiatan Diajar IX : Medar pangaweruh, maca, jeung nulis aksara sunda. 3 Kagiatan Diajar X : Medar wangun jeung struktur carita pondok. Kagiatan Diajar XI : Medar wangun jeung struktur guguritan. É. Cara Ngagunakeun Kagiatan Diajar Aya sawatara hal anu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca. Katilu, Sadérék kudu niténan jeung migawé unggal latihan nu dipidangkeun dina unggal ahir pedaran. Titénan jeung pigawé unggal bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina unggal matéri nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung évaluasi dina unggal bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék kana Matéri ieu Kagiatan Diajar baris diniléy ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawengku (1) prinsip jeung cara peniléyan, (2) wangun jeung struktur carita pondok, jeung (3) aksara Sunda. Dina ngulik ieu matéri kagiatan diajar téh, Sadérék kudu maca jeung migawé latihan kalawan ngaruntuy. Ari sababna, matéri dina kagiatan diajar I jadi dasar pikeun matéri dina kagiatan diajar II, jsté. Lamun manggihan kasulitan, boh nu patali jeung matéri, boh patali jeung latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala (diskusi) jeung kanca mitra séjénna atawa nanyakeun ka instruktur. 4 KOMPETENSI PEDAGOGIK: PENILEYAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA 5 1 6 1 KAGIATAN DIAJAR 1 PRINSIP-PRINSIP PENILÉYAN OTÉNTIK A. Tujuan Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar I, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan (1) peniléyan oténtik; (2) wanda peniléyan oténtik; (3) peniléyan kinerja; (4) peniléyan proyék; (5) peniléyan portofolio; jeung (6) peniléyan tinulis. B. Indikator Kahontalna Kompeténsi Hasil Diajar Indikator kahontalna kompeténsi tina ieu kagiatan diajar, nyaéta bisa nerangkeun (1) harti peniléyan oténtik; (2) wanda peniléyan oténtik; (3) peniléyan kinerja; (4) peniléyan proyék; (5) peniléyan potofolio; jeung (6) peniléyan tinulis. C. Pedaran Matéri 1. Wangenan Peniléyan Oténtik Peniléyan oténtik nyaéta pengukuran anu ngandung harti sacara signifikan kana hasil diajar siswa dina ngukur aspék sikep, kaparigelan, jeung pangaweruh. Istilah asésmen mangrupa sinonim tina peniléyan, pengukuran, pengujian, atawa évaluasi. Istilah oténtik mangrupa sinonim tina asli, nyata, valid, atawa réliabel. Dina kahirupan akademik, frasa asésmen oténtik jeung peniléyan oténtik sok disaruakeun. Asésmen oténtik mangrupa peniléyan kana produk jeung kinerja anu aya hubunganana jeung pangalaman kahirupan nyata siswa. Asésmen oténtik mangrupa upaya méré tugas ka siswa anu némbongkeun prioritas jeung tantangan anu kapanggih dina kagiatan diajar, saperti waktu naliti, nulis, ngarévisi atawa medar artikel, nganalisis jeung ngoméntaran kajadian, atawa kolaborasi dina debat, jsté. 7 KD Peniléyan Oténtik jeung Tuntutan Kurikulum 2013 Peniléyan oténtik kuat rélévansina jeung pamarekan ilmiah dina pangajaran anu dumasar kana Kurikulum Asésmen oténtik mampuh méré gambaran ngaronjat henteuna hasil diajar siswa, dina waktu niténan, nanya, mikir, nyoba, jeung nepikeun. Asésmen oténtik tujuanana leuwih museur kana pancén kompléks atawa kontékstual. Tujuanana sangkan siswa bisa némbongkeun kompeténsina kalawan oténtik. Asésmen oténtik sok disebut peniléyan kinerja, portofolio, peniléyan proyék, atawa peniléyan résponsif. Ieu métodeu populér dipaké pikeun nganiléy prosés jeung hasil diajar siswa anu boga ciri-ciri husus, ti mimiti siswa anu boga kakurangan, bakat husus, nepi ka siswa anu jenius. Asésmen oténtik sok dihartikeun peniléyan kamekaran siswa, sabab museur kana kamekaran kamampuh siswa dina diajar saperti sikep, kaparigelan, jeung kaweruhna. Asésmen oténtik bisa dijieun ku guru boh sorangan boh tim, atawa babarengan dijieun ku guru jeung siswa. Dina asésmen oténtik, ilubiungna siswa téh penting. Asumsina, siswa bisa ngalakukeun kagiatan diajar leuwih hadé nalika manéhna nyaho, yén manéhna keur dipeunteun. Siswa dipénta pikeun ngaréfléksikeun jeung ngaévaluasi kinerja manéhna sorangan dina ngaronjatkeun pamahaman jeung kamampuh diajarna anu leuwih jero pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Dina asésmen oténtik guru ngalarapkan kritéria anu raket patalina jeung konstruksi pangaweruh, kajian paélmuan, jeung pangalaman siswa ti luar sakola. Asésmen oténtik nyoba ngagabungkeun kagiatan guru waktu ngajar jeung kagiatan siswa waktu diajar (motivasi, kaaktifan, jeung kaparigelan siswa). Ku sabab peniléyan mangrupa bagian tina prosés pangajaran, guru jeung siswa kudu gawé bareng tur silih pikanyaho kana kritéria gawéna séwang-séwangan. Siswa malah kudu ditanya tur kudu paham kana papancénna anu kudu dilaksanakeun ku manéhna. 3. Peniléyan Oténtik jeung Diajar Oténtik Peniléyan oténtik merlukeun prosés diajar anu oténtik. Diajar oténtik ngagambarkeun pancén jeung cara néangan solusina anu dilakukeun ku siswa, dipatalikeun kana réalitas di luareun sakola. Ieu asésmen museur 8 1 kana pancén-pancén kompléks atawa kontékstual pikeun siswa, anu némbongkeun kompeténsi atawa kaparigelan nyatana. Asésmen oténtik ngawengku tilu téhnik, nyaéta (1) ngukur langsung kaparigelan siswa; (2) peniléyan kana pancén anu merlukeun karancagéan; jeung (3) analisis prosés pikeun ngahasilkeun réspon siswa kana sikep, kaparigelan, jeung kaweruhna. Asésmen oténtik gedé gunana pikeun guru dina nangtukeun cara anu panghadéna supaya sakabéh siswa bisa ngahontal hasil ahir. Konstruksi sikep, kaparigelan, jeung kaweruh bisa dihontal ku cara siswa bisa ngaréngsékeun pancénna sacara aktif jeung kréatif. Eta kaaktifan siswa bakal mangaruhan pisan dina mekarkeun kapribadian dirina. Dina pangajaran oténtik, siswa dipiharep bisa ngumpulkan informasi ku pamarekan saintifik, paham kana fénoména anu aya hubunganana, sarta matalikeun naon-naon anu geus diulik jeung dunya nyata di luar sakola. Asésmen oténtik ngarojong siswa dina ngonstruksi, ngaorganisasikeun, nganalisis, nyintésis, napsirkan, ngajéntrékeun, jeung ngaévaluasi informasi jadi pangaweruh anyar. Dina pangajaran oténtik, guru kudu jadi guru oténtik. Peran guru lain dina prosés ngajar wungkul, tapi dina peniléyan deuih. Pikeun ngalaksanakeun pangajaran oténtik, guru kudu nyumponan sawatara kritéria. a. Paham cara meunteun kahéngkéran jeung kaonjoyan siswa katut desainna. b. Paham cara ngaping siswa pikeun mekarkeun pangaweruhna ku cara ngapersépsi jeung nyadiakeun sumber daya anu nyumponan. c. Ngaping prosés pangajaran, niténan informasi anyar, jeung nyaluyukeun pamahaman siswa. d. Kréatif jeung inovatif enggoning ngajembaran pangaweruh, wawasan, jeung pangalaman siswa tina dunya nyata di luar sakola. 4. Jenis-jenis Peniléyan Oténtik Dina ngalaksanakeun asésmen oténtik, guru kudu paham kana tujuan nu hayang dihontal jeung tumanya ka dirina sorangan, hususna ngeunaan (1) sikep, kaparigelan, jeung pangaweruh naon nu rék dipeunteun; (2) fokus peniléyan nu rék dilakukeun, misilna, naha rék museur ngajén kana sikep, 9 KD 11 kaparigelan, atawa pangaweruh; jeung (3) tingkat panga
Search Related
We Need Your Support
Thank you for visiting our website and your interest in our free products and services. We are nonprofit website to share and download documents. To the running of this website, we need your help to support us.

Thanks to everyone for your continued support.

No, Thanks